Date: 13 Storyveil 472 A.F.
🏛️ Guild: Mekarsari Commons Adventurer's Guild
⭐ Quest Rank: F (Wave)
👤 Quest Giver: Daryava Mulayendra
📍 Location: Laut Barat Jabarune
📖 Summary:
Ka para petualang Mekarsari Commons,
Abdi, Dedi Mulyadi atawa Daryava Mulayendra, sumping ka dieu sanés kanggo nyuhunkeun pitulung anu enteng.
Sababaraha minggu ka tukang, laut di beulah kulon Jabarune, teu pati jauh ti wewengkon Karajaan Suvang, ayeuna jadi tempat anu matak pikahariwangeun pikeun para nelayan jeung padagang.
Aya sakelompok bajak laut anu terus nyerang kapal-kapal anu ngalangkung di éta wilayah. Geus loba nelayan anu teu kungsi mulang ka imahna. Sababaraha kapal kapanggih geus ruksak parah, ari jalma-jalmana mah teu kapanggih.
Nu leuwih matak hariwang téh nyaéta pamimpinna.
Hiji kaptén bajak laut anu miboga kamampuhan anéh, anu nepi ka ayeuna can bisa dipedar ku para ahli sihir. Ceuk jalma-jalma anu salamet, éta kaptén bisa ngaleungit dina sakedapan panon, tuluy muncul deui di tempat séjén kalayan gancangna siga cahaya.
Abdi sorangan kungsi ningali éta kajadian.
Malah, abdi kungsi jadi salah sahiji jalma anu katarajang ku sihirna.
Untungna, abdi masih tiasa balik kalayan salamet.
Tapi teu sakabéh jalma boga nasib anu sarua.
Ku sabab éta, abdi nyuhunkeun ka para petualang anu daék mantuan pikeun ngeureunkeun teror ieu.
Panggihan kapalna.
Panggihan kapténna.
Jeung lamun masih bisa dilakukeun...
eureunkeun anjeunna sateuacan korban anu salajengna murag.
Abdi teu nyuhunkeun anjeun ngalakukeun hal anu mustahil.
Abdi ngan hoyong laut anu salila ieu jadi tempat jalma néangan kahirupan, ulah robah jadi tempat jalma kaleungitan kahirupan.
Mugia aranjeun sadayana tiasa mulang kalayan salamet.
— Daryava Mulayendra
Raja ti nagara Suvang
🎒 Recommended Level: [4]
👥 Party Size: [3-6 Adventurers]
💰 Reward:
250 GP
DAN KALAU NEMU SESUATU AJAH
━━━━━━━━━━━━━━━
— Mekarsari Commons Adventurer's Guild
Mirelle Ishmaelle